Guru kuring, Bapa kuing (risnawati)
Mata Kuliah : Kemahiran Bahasa Sunda
Guru Kurig, Bapa Kuring
Risnawati
Paragraf 1 :
ABAH Duduh. Kitu kuring sok ngabasakeun téh. Pikeun sakuringeun, anjeuna téh guru anu nyata anu ngatik kuring perkara bagbagan nulis carpon. Mun Kang Karno Kartadibrata sareng Kang Cécép Burdansyah guru nulis jurnalistik, tah anjeuna mah husus mapagahan perkara nulis carpon.
Bubuka : ABAH Duduh. Kitu kuring sok ngabasakeun téh. Pikeun sakuringeun, anjeuna téh guru anu nyata anu ngatik kuring perkara bagbagan nulis carpon. Mun Kang Karno Kartadibrata sareng Kang Cécép Burdansyah guru nulis jurnalistik, tah anjeuna mah husus mapagahan perkara nulis carpon.
Paragraf 2 :
Tepung munggaran, nya basa kuring mimiti “kuli” di Manglé. Anjeuna janten rédaktor carpon. Méméhna kuring sok panasaran hayang apal saha Mang Listrik téh. Atuda sok resep macaan tulisannaanu nya hégar nya énténg tapi beurat momotna. Saprak jadi urang Manglé baé apal yén anjeuna pisan Mang Listrik téh.
Bubuka : Tepung munggaran, nya basa kuring mimiti “kuli” di Manglé. Anjeuna janten rédaktor carpon.
Isi : Méméhna kuring sok panasaran hayang apal saha Mang Listrik téh. Atuda sok resep macaan tulisannaanu nya hégar nya énténg tapi beurat momotna.
Penutup : Saprak jadi urang Manglé baé apal yén anjeuna pisan Mang Listrik téh.
Paragraf 3 :
Harita mah kuring can mantra-mantra kana nyarpon. Masih kitu wé kutrat-kotrét kana sajak. Ngala pondokna. Nya anjeuna pisan anu mimiti ngajurung ludeung sangkan kuring ngamimitian diajar nulis carpon. Aslina mah, sumpah, teu pédé nulis carpon téh. Pondok napas. Anjeuna sok getol pisan nyumangetan sangkan kuring daék diajar nulis carpon. “Tos biasa nulis panjang mah gampang geura nulis carpon téh” saurna hiji waktu. Disebut biasa nulis panjang téh dina perkara nulis warta. Harita kuring sok dibéré pancén nulis rubrik tamu, anu lumayan panjangna.
Bubuka : Harita mah kuring can mantra-mantra kana nyarpon. Masih kitu wé kutrat-kotrét kana sajak. Ngala pondokna.
Isi : Nya anjeuna pisan anu mimiti ngajurung ludeung sangkan kuring ngamimitian diajar nulis carpon. Aslina mah, sumpah, teu pédé nulis carpon téh. Pondok napas. Anjeuna sok getol pisan nyumangetan sangkan kuring daék diajar nulis carpon. “Tos biasa nulis panjang mah gampang geura nulis carpon téh” saurna hiji waktu. Disebut biasa nulis panjang téh dina perkara nulis warta.
Penutup : Harita kuring sok dibéré pancén nulis rubrik tamu, anu lumayan panjangna.
Paragraf 4 :
Lah-lahan nyobaan. Carpon anu mimiti ditulis téh “Isukan Si Bujang Datang”. Sapanjang nulis carpon téh sok konsultasi ka anjeunna. Sabar pisan mapagahan téh. Taya kabosen, tara pisan némbongkeun paroman kesel mun kuring célémbéng loba tatanya téh. Kuring tambah resep waé diajar téh. Ti harita murudul carpon anu ditulis téh. Anjeunna teu weléh maparin koméntar kana tulisan-tulisan kuring, tapi tara nyawad. Carana ngalelempeng tulisan, éstu matak ngeunah kana hate. Kungsi basa kuring nulis carpon “Kawin Pérak”, ku anjeuna disaur ka rohangan damelna di kantor rédaksi belah tukang anu disekat ku lomari
Bubuka : Lah-lahan nyobaan. Carpon anu mimiti ditulis téh “Isukan Si Bujang Datang”
Isi : Sapanjang nulis carpon téh sok konsultasi ka anjeunna. Sabar pisan mapagahan téh. Taya kabosen, tara pisan némbongkeun paroman kesel mun kuring célémbéng loba tatanya téh. Kuring tambah resep waé diajar téh. Ti harita murudul carpon anu ditulis téh. Anjeunna teu weléh maparin koméntar kana tulisan-tulisan kuring, tapi tara nyawad. Carana ngalelempeng tulisan, éstu matak ngeunah kana hate
Penutup : Kungsi basa kuring nulis carpon “Kawin Pérak”, ku anjeuna disaur ka rohangan damelna di kantor rédaksi belah tukang anu disekat ku lomari
Paragraf 5 :
“Ieu carpon téh alus, ngan hanjakal medakeuna kliseu teuing. Coba geura lamun dipotong nepi kadieu, keun baé sina open ending,” saurna bari nyirian naskah kuring lebah anu saur anjeuna kedah dipotong téa. Aya dua paragrap anu kudu dipiceunna téh. Maké aya diskusi heula harita téh. Harita kuring panuju kana pamendak anjeunna. Tapi anéhna, basa dimuat éta carpon téh angger siga naskah aslina. Rupina mah lali teu kacorét. Ngan basa éta carpon rék dikumpulkeun dina kumpulan carpon Haté Awéwé, ku kuring dipotong diluyukeun sareng saran anjeunna. Asa leuwih tegep.
Bubuka :
Isi : “Ieu carpon téh alus, ngan hanjakal medakeuna kliseu teuing. Coba geura lamun dipotong nepi kadieu, keun baé sina open ending,” saurna bari nyirian naskah kuring lebah anu saur anjeuna kedah dipotong téa. Aya dua paragrap anu kudu dipiceunna téh. Maké aya diskusi heula harita téh. Harita kuring panuju kana pamendak anjeunna. Tapi anéhna, basa dimuat éta carpon téh angger siga naskah aslina. Rupina mah lali teu kacorét
Penutup : Ngan basa éta carpon rék dikumpulkeun dina kumpulan carpon Haté Awéwé, ku kuring dipotong diluyukeun sareng saran anjeunna. Asa leuwih tegep.
Paragraf 6 :
Basa kuring nyaritakeun resep pisan lalajo pilem, anjeunna ngajak lalajo di Kharisma Jabar Film, unggal poé Jumaah sore. Haratis. Pilem prédar deuih, méméh diputer di bioskop diputer heula di dinya. Anu lalajona ngan pangamat pilem hungkul, kalebet anjeuna. Nya puguh keur kuring mah asa mobok manggih gorowong. Harita mah teu kapikir éra, miluan lalajo padahal nu diondang ngan kritikus pilem. Ih resep nu aya. Abong bolon kénéh. Alhasil, unggal poé Jumaah kuring ngarasa manggih kasugema anu lain meueus-meueus
Bubuka : Basa kuring nyaritakeun resep pisan lalajo pilem, anjeunna ngajak lalajo di Kharisma Jabar Film, unggal poé Jumaah sore. Haratis
Isi : Pilem prédar deuih, méméh diputer di bioskop diputer heula di dinya. Anu lalajona ngan pangamat pilem hungkul, kalebet anjeuna. Nya puguh keur kuring mah asa mobok manggih gorowong. Harita mah teu kapikir éra, miluan lalajo padahal nu diondang ngan kritikus pilem. Ih resep nu aya. Abong bolon kénéh.
Penutup : Alhasil, unggal poé Jumaah kuring ngarasa manggih kasugema anu lain meueus-meueus
Paragraf 7 :
Anu pangnatratna dina ingetan, basa hiji waktu Manglé ngayakeun acara pikeun ngareuah-reuah tepung taunna. Duka nu kasabaraha, poho deui. Harita diayakeun rupa-rupa lomba anu diiluan ku parakaryawan Manglé. Rarasaan mah sagala miluan harita téh. Lomba nu séjénna mah poho deui, ngan nu inget téh lomba ngagambar model. Anu janten modélna, nya anjeunna pisan. Calik ngabanténg di payun, mayunan para pamilon lomba anu sibuk kutrat-kotrét dina keretas kosong. Anu jadi jurina tangtu waé ti bagéan ilustrasi, Agus saparakanca.
Bubuka : Anu pangnatratna dina ingetan, basa hiji waktu Manglé ngayakeun acara pikeun ngareuah-reuah tepung taunna. Duka nu kasabaraha, poho deui.
Isi : Harita diayakeun rupa-rupa lomba anu diiluan ku parakaryawan Manglé. Rarasaan mah sagala miluan harita téh. Lomba nu séjénna mah poho deui, ngan nu inget téh lomba ngagambar model. Anu janten modélna, nya anjeunna pisan. Calik ngabanténg di payun, mayunan para pamilon lomba anu sibuk kutrat-kotrét dina keretas kosong. Anu jadi jurina tangtu waé ti bagéan ilustrasi, Agus saparakanca.
Penutup :
Paragraf 8 :
Kuring miluan. Padamoyok ku nu séjén, cangcaya kuring bias ngagambar. Kuring teu susumbar mun peunteun ngagambar kuring ti SMP mula tara kurang ti salapan. Harita kuring ngagambar skétsa raray anjeunna. Rarasaan ukur curat-corét, malah rambutna mah asa teu anggeus, tapi geuning jadi juara kahiji. Cenah pangmiripna. Hanjakal skétsana teu disimpen. Ngan harita pamilon téh seuseurian, lucu ku polah anjeuna salami jadi model. Aya-aya baé pamolahna téh anu matak seger kana suasana
Bubuka :
Isi : Kuring miluan. Padamoyok ku nu séjén, cangcaya kuring bias ngagambar. Kuring teu susumbar mun peunteun ngagambar kuring ti SMP mula tara kurang ti salapan. Harita kuring ngagambar skétsa raray anjeunna. Rarasaan ukur curat-corét, malah rambutna mah asa teu anggeus, tapi geuning jadi juara kahiji. Cenah pangmiripna. Hanjakal skétsana teu disimpen.
Penutup : Ngan harita pamilon téh seuseurian, lucu ku polah anjeuna salami jadi model. Aya-aya baé pamolahna téh anu matak seger kana suasana
Paragraf 9 :
Salila babarengan di Manglé, asa teu kungsi ngabandungan anjeunna gétréng jeung nu séjén. Salawasna ngasah, ngasih, jeung ngasuh ka parawartawan ngora anu keur meujeuhna halbhab ku élmu. Pikeun sakuringeun, anjeuna lain ngan saukur guru, tapi bapa anu bener-bener dipibapa. Panghudang sumanget nu teu weléh ngajurung laku, sangkan kuring getol nulis jeung nulis, sangkan kuring tuluy tumuluy ngasah diri ngaronjatkeun kamampuan anu teu sabaraha. Basa kuring kapapaténan ku si cikal, sabada sabulan campleng huleng jentul nyeungceurikan budak, anjeuna nu oangoayunna nelepon. “Bisi Risna perlu ngabrangbrangkeun hate, kadieu geura ngantor deui, teu kudu nungguan tilu bulan,” saurna leuleuy. Harits kuring kacida tumarimana. Sasat mun ieu ditelepon ku anjeunna, boa kuring moal balik deui ka Manglé. Pileuleuyan Abah, mugia langgeng dina rahmat Alloh Swt. Aamiiin..
Bubuka : Salila babarengan di Manglé, asa teu kungsi ngabandungan anjeunna gétréng jeung nu séjén.
Isi : Salawasna ngasah, ngasih, jeung ngasuh ka parawartawan ngora anu keur meujeuhna halbhab ku élmu. Pikeun sakuringeun, anjeuna lain ngan saukur guru, tapi bapa anu bener-bener dipibapa. Panghudang sumanget nu teu weléh ngajurung laku, sangkan kuring getol nulis jeung nulis, sangkan kuring tuluy tumuluy ngasah diri ngaronjatkeun kamampuan anu teu sabaraha. Basa kuring kapapaténan ku si cikal, sabada sabulan campleng huleng jentul nyeungceurikan budak, anjeuna nu oangoayunna nelepon. “Bisi Risna perlu ngabrangbrangkeun hate, kadieu geura ngantor deui, teu kudu nungguan tilu bulan,” saurna leuleuy. Harits kuring kacida tumarimana.
Penutup : Sasat mun ieu ditelepon ku anjeunna, boa kuring moal balik deui ka Manglé. Pileuleuyan Abah, mugia langgeng dina rahmat Alloh Swt. Aamiiin..
Komentar
Posting Komentar